Bapak-bapa, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun
simkuring.
Sakumaha ka
uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan
parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang
pinang.Haturan wilujeung sumping ka calon panganten pameget miwah rombongan di
wewengkon……………………………….
tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.
*Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti
kakasih, tanda tresna kanyaah, sumangga mangle di kalungkeun ka calon panganten
pamegeut,ku ibu/wawakil ti pihak calon panganten istri, salajeungna dihaturanan
linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan,di tempat anu parantos
disayogikeun.
*Assalamualaikum wr.wb
Bismillahirrohmanirrohim
Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan
abduhu worosulluh.amma ba’du.
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu
tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina
dinten ......, ping ........, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk
galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna
neng...........................putri na bapa..................kalih
ibu.............. ka cep..........................Putrana
bapa................kalih ibu..............
namung sateuacanna sim kuring
pun lia oktora, baris ngadugikeun rundaian acara nu bade di pedar, di
antawisna;
1.
Bubuka
2.
Lantunan kalam illahi Ku : ......
3.
Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten
- Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku:
- Panampian ti pihak calon panganten istri ku :
4.
Simbolisasi seserahan
5.
Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6.
Sungkeman
7.
Tutup
Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring,
sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos
basmallah.Bismillahirrohmanirrohim.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami
dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku ........ Waktos sareng
tempat mangga nyanggakeun.
* Ngahaturkeun nuhun ka
kersana ......... Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, malah mandar
janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan.Amin.
Para hadirin, miwah para
tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, Sok
sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan
manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul
rupina, namung kedah di sarengan ku ucap. mugi teu janten kekeling galih
renghat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug
anggang-anggang di teang ka ieu tempat.
Ku kituna, sumangga ka
pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo
ngadugikeunana
*Para wargi sadayana, nembe
sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget
miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu
di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan,
sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal,
sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon panganten pameget
sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita.
Kanggo pang walerna baris di langsung di dugikeun ku sesepuh ti pihak
calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng
tempat.
*Para wargi sadayana, bingah amarwata suta,
bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok
manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik
naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka
ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeunna di tampi ku ibu calon
panganten pameget.
(*cacandakan sanesna tiasa diantaykeun )
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na
ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga
pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng_____________ka cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata
neda panyakseni ti para wargi sadayana,
Upacara akad nikah seja dikawitan.
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama,
nyanggakeun waktosna.
barokallohu laka wabaroka alaika……….
Alhamdulillah acara akad nikah parantos dilaksanakeun kalayan
lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot
sapihanean,kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, dina ngawangun rumah
tangga anu sakinah mawadah warohmah.Amin
Salajengna panganten sungkem ka sepuhna nyungkeun widi kanggo
ngarambah rumah tangga nu baris di bina. * sungkem pilih gentos ka sepuh panganten
istri sareng pameget
Bapa-bapa , ibu-ibu miwah para wargi hormateun simkuring,
rupina rundayan acara ti munggaran dugi
ka akhir parantos rengse di pedar kalayan aya dina kalancaran , sim kuring pun
lia Oktora baris amit mundur amit mungkur , hapunten anu kasuhun bilih aya basa
nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes
ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ku maos hamdalah
sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin.
Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb
·
Kanggo para tatamu aya hidangan ala
kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.
aslm'alaikum..Neng' hapunten pribados unjukan nyungkeun widi seja copy paste.. jazakallohu bi ahsanal jaza.. hatur nuhun
BalasHapusaslm'alaikum..Neng' hapunten pribados unjukan nyungkeun widi seja copy paste.. jazakallohu bi ahsanal jaza.. hatur nuhun
BalasHapusHatu Nuhun Teh Okta, Katampi pisan ieu Elmu teh,, mugia janten amal ibadah nyaa, kaleresan nuju peryogi kangge nikahan pun adi..
BalasHapus